Menulis Sesuatu yang Tak Tertulis: Tungtunan pikeun Bisa Nulis Puisi Basa Sunda: netelakeun teori basa jeung sastera

Tungtunan pikeun Bisa Nulis Puisi Basa Sunda: netelakeun teori basa jeung sastera


ku Ardi Mulyana H.


Tulisan singget ieu saenyana diniatan pikeun ngadorong budaya “maca-nulis”. Anu hartina tulisan teh kudu jadi ajang “asah intelektual” nu nulisna. Geningan saur Prof. H. G. Tarigan geus netelakeun aya sababaraha poko katarampilan basa. Nyaeta (1) ngadangukeun/menyimak (2) nyarita/berbicara (3) maca/membaca (4) nulis/menulis. Eta opat katarampilan teh sili pakait hiji jeung nu sejenna. Anu populer disebut “catur tunggal” katarampilan basa”. Ngadangukeun jeung maca kaasup kana “reseptif” sabab sifatna narima atawa nyeurep. Ari nyarita jeung nulis mah kaasup kana “produktif” sabab sifatna ngahasilkeun. Atuh eta opat katarampilan teh teu lain kudu loba dilatih. Tapi dina tulisan ieu bade dipencoskeun wae kana bagbagan katarampilan nulis (sastera) sinareng sababaraha teori ngeunaan basa. Saur batur mah nulis teh hese cenah. Tapi ke heula urang talungtik lewih jauh. Saenyana memang hese lamun teu usaha. Ayeuna kieu, para sastrawan/panyair atawa panulis. Boh nu sok nulis sajak ku basa Indonesia, boh ku basa Sunda. Mimitina mah memang teu bisa. Atuh naha bet bisa? Hayu urang nitenan! Ku sabab diajar. Teu aya deui iwal diajar. Geningan mun hayang bisa ngojay, kudu wae “brus” ancrub ngojay. Nulis oge kitu, “brus” wae pek nulis. Omat, ku jalan diajar nu junun sarta ulah bosenan. “Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok” tah eta papatah pituin karuhun Sunda. Yen sagala rupa pasal/perkara nu hese mun junun tangtu bakal bisa. Keun urang hiji-hiji “dibeujeurbeaskeun.”

ELMU SASTERA JEUNG LINGUISTIK PATULA-PATALI

Sastera (poetika) nyaeta salah sahiji elmu anu nalungtik kaendahan basa anu ngalibatkeun “aspek kognitif”, rasa, jeung kasosialan. Na sastera aya netelakeun pasal “mimesis”. Naon cenah ari mimesis teh? Mimesis nyaeta garis panjang antara dunya hayal jeng dunya nyata. Nu mana dina sastera teh kudu bisa nyiptakeun kanyataan ku hayalan. Anu istilahna “realita-imajinatif” ku cara wujud lambang basa. Eta salah sahijina. Tuluy, linguistik atawa elmu anu nalungtik ngeunaan basa kakoncara tilu istilah ti Ferdinand de Saussure (anjeunna sarjana Swiss nu disebut “Bapak linguistik moderen” sabab ku medal bukuna nu kakoncara “Course in General Linguistic”) nyaeta, “langue, langage, parole”. Langue nyaeta sifat basa anu abstrak. Sabab aya na struktur otak pamake basana. Siga basa Sunda, basa Indonesia, basa Jawa, basa Inggeris, jeng sajabana. Langage nyaeta sifat basa anu lewih abstrak. Sabab manusa salaku anu miboga basa, sato mah heunteu. Naon deuih ari parole? Parole nyaeta kecap anu dikedalkeun ku pamake basa kalayan kongkeret (nyata). Atuh ari sastera mah lewih pas kaasup kana langue jeng parole. Naha? Kieu. Sastera hurip dina basa. Make basa keur mediana. Teu lain geningan aya sastera Sunda, sastera Indonesia, sastera Jawa, Sastera Inggeris, jeung sajabana. Naha ari jeung parole kumaha? Kieu. Ieu sajak di handap parole abdi:

“Bulan, burahay katutup mega peting
kuring gigis ku karaheut anjeun
sorangan kalah ambon ngajait kasono
duh, awaking tiris ku rasa anu tumpur”

Tah gening eta kecap anu ku abdi dikecapkeun (bisa oge nu ditulis) sacara nyata atawa kongkeret. Jadi ngandung harti yen sastera teh teu lian hasil kecap nu nyata ti anu miboga basana. Atuh meureunan teu salah lamun abdi gaduh pamadegan yen sastera (puisi) nyaeta parole jeung idiosinkronik panyairna. Luyu jeung pamadegan Culler (1977: 8 via Pradopo, 2002: 100) nu netelakeun yen pamakean basa sasaurang (parole) eta teh panerapan sistim basa (langue) nu aya. Jeung Culler oge (1977: 116 via Pradopo, 2002: 100) netelakeun pamakean basa panyair sakaligus panerapan konvensi puisi nu aya.

TULUY NAON ARI (SASTERA) PUISI TEH?

Ieu pananyaan alus. Naha alus? Kieu. Puisi atawa sajak nyaeta rarangken kata nu ngalibatkeun kaendahan basa pikeun nyiptakeun hiji kaayaan nu ngawakilan rarasa panyair atawa nu nulisna. Intina mah hiji basa anu endah (poetika). Puisi teu bisa kitu wae leupas tina linguistik ku sabab puisi hurip dina basa. Sacara etimologis atawa elmu nu nalungtik ti mana asalna kata, puisi teh asalna tina bahasa Yunani poiesis nu miboga harti nyiptakeun. Atuh lamun tina basa Inggeris sasaruaannana poetry, poem, jeung poetics. Tapi ku sabab sifat basa mah dinamis, nu matak harti tina kata puisi teh kacida reana kumaha pamadegan sewang-sewangan. Jeung bentukna oge robah-robah kiwari mah—teu kaiket deui ku aturan-aturan. Sakumaha saur Michael Riffaterre (1978: 1 via Pradopo 2001: 1) yen puisi teh robah-robah nyaruakeun jeng evolusi kahayang jeng robahna aturan estetikna. Atuh abdi oge ngumpulkeun sababaraha pamadegan ti anu arahli. Kahiji nyaeta saur Samuel Tylor Coledrige nu ngahartikeun yen puisi teh rarangken kata nu endah tina susunan kata pangendahna. Kadua saur Edgar Allan Poe nu nyieun bates yen puisi teh puisi salaku pamaes nu ngagalindeng (lir ibarat tatabeuhan). Katilu saur John Dryden nu ngartikeun pedalan kata nu musikal. Kaopat saur Isaac Newton ngungkapkeun yen puisi teh nada nu pinuh ka-pituin-an jeng ka-luyu-an. Kalima saur Shelley nerangkeun yen puisi teh rekaman detik-detik nu endah dina kahirupan. Kagenep saur Auden netelakeun yen puisi teh nunjukkeun campuran rarasaan nu ngahariji (paaduk-aduk). Atuh eta kagenep pamadeugan teh luyu. Nu mana sakabehna ngandung harti hampir sarua. Da bongana sigana mah ku sabab ari basa mah “universal”. Tapi abdi oge asa katarik tina pamadegan panyair nu kakoncara, Kahlil Gibran tea nu ngartikeun yen puisi teh nyaeta lain ekspresi tapi tembang nu digalindeungkeun ku raheut nu getihan atawa biwir anu seuri. Tah abdi ngagarishandapan harti ti Kahlil Gibran teh. Yen dua rasa, susah jeng senang. Nu matak puisi bisa ngawakilan rarasaan panyairna. Atuh da gening susah jeng senang teh datangna sili gentian—lamun mah nalungtik lewih jauh ngeunaan puisi, ieu tulisan sigana bisa ngawujud jadi mangpuluh-puluh kaca tapi da elmu kaweruh abdi masih kacida atah keneh.

GENERATIF TANSFORMASI, NAON ETA?


Dina elmu linguistik aya nu disebut teori generatif transformasi nu digeugeuh ku Avrah Noam Chomsky. Anu mana teori eta teh dibeujeurbeaskeun na psikolingistik, elmu nu netelakeun teori basa, perilaku atawa lalampahan manusa, jeung akal budina, ieu elmu teh gabungan tina psikologi jeng linguistik. Diwanoh ku dua istilahna nyaeta kompetensi jeung performansi. Naon atuh eta teh? Kieu. Kompetensi nyaeta kaweruh hiji manusa pikeun basana. Ari performansi nyaeta pangabisa hiji manusa ngeunaan basana boh omongan atawa tulisan tur mibanda pangarti pikeun ngahartikeun mangrupa-rupa kalimat tina mangrupa basa nu digeugeuhna. Jadi saur teori eta teh manusa miboga tata bahasa anu “dinuranikeun”, “the inentenneses hypotesa”. Atawa “tata basa nurani”. Naha bet kitu? Hayu urang talungtik. Contona budak genep taun ngomong (abdi leuleutikkan ngayakeun panalungtikan sorangan ngeunaan teori ieu), “Mah, hoyong eumam-eun eta”. Naha ari budak umur genep taun apal sufik –eun? Anu tina morfem emam+eun nu miboga harti nu bisa didahar? Cobian tanya budak sagede kitu. Da moal apaleun ti mana “jol jeuleugeudeg (morfem eumameun dina) kalimah eta”. Conto nu sejen, abdi miwarang, “Jang pangnyarekkeun ulah gogorowokan di kelas, Bapa nuju mariksa ulangan di kantor” (kaayaan nuju istirahat sakola) tuluy budak sapuluh taun eta ngomong, “Barudak, saur Pa Ardi ulah patinggorowok di kelas garandeng cenah”. Tah, kumaha peroses morfologis morfem “patinggarorowok”, “barudak”, jeung “garandeng” teh? Kieu. Gorowok+pa+ting+ar nu boga wangun dasar kecap pagawean nu lobaan ku ayana infiks “ar” nu mana pa+ting+ar kasebut ambifiks sabab ayana rarangken bareng. Tah atuh morfem “garandeng” sinareng ‘barudak” oge teu bina kitu perosesna. Mun ditanya budak kumaha eta perosesna da moal apaleun. Tapi naha sakitu pas-na bisa nempatkeunnana dina wangun (basa) kalimah? Tah sigana kitu naon nu disebut ku Avrah Noam Chomsky teh ngeunaan tata basa nurani atawa ”, “the inentenneses hypotesa”. Yen sacara teu sadar barudak saumur kitu geus laluwes tata basana—boh barudak nu B1-na (basa Indung) basa Sunda, basa Indonesia, basa Jawa, basa Inggeris, jst. sarua wae geus mibanda tata basa nu dinuranikeun (tuh nya geningan Alloh mah sakumaha sampurnana nyiptakeun manusa nu ku Mantenna dijadikeun holifah di marcapada ieu).

TULUY KUMAHA ARI GENERATIF TRANSFORMASI DIKAITKEUN JEUNG PUISI?

Wah, saenyana abdi gigis oge ngaluarkeun pamadegan. Sabab sieun salah, tapi mun teu salah heula abdi moal bisa-bisa atuh. Ken wae da masih diajar. Saur abdi mah puisi jeng teori eta teh lir ibarat salaki pamajikan. Naha? Kieu. Na teori eta aya nu disebut seteruktur jero (deep structure) jeng seteruktur luar (surface structure). Nu mana seteruktur jero diperoses dina jero otak (enkode/peroses ngirim pesen semantikgramatikfonologi). Medal wae gening omongan. Tuluy ditarima ku artikulatorpamindahan pesenceupil/telinga pendengar (dekode/peroses narima pesen fonologigramatikasemantik). Eta bisa disebut peroses basa. Nu ngomong jeung nu ngadangukeun. Ari nulis puisi mah kieu. Seteruktur jero diperoses dina jero otak panyair atawa panulis (enkode/peroses ngirim pesen semantikgramatikgrafologi) diganti ku grafologi da eta mah nulis, lain nyarita. Tah abdi rada “balueng” oge. Tapi kieu ari nulis puisi teh nyaeta sagala hal rarasaaan panyair anu ditamplokkeun liwat media tulisan. Seteruktur jerona rasa sedih, tangtu medalna kana seteruktur luar (tulisan) oge tangtu sedih pihartieunnana. Sabab lamun eta hasil karya puisi dibaca kunu sejen di-transformasi-keun liwat dekode/peroses narima pesen fonologi atawa grafologigramatikasemantik bakal bisa neguh, “Oh ieu si panyairna keur sedih, sono, gumbira, jst”. Atuh abdi oge hoyong ngajak nu maca liwat puisi abdi (ieu dicandak tina kumpulan puisi Sunda abdi nu judulna “Diudag Kinasih” anu dibukuelektronikkeun ku Evolitera).

“Di hiji poe
aya budak meuli pepetasan
tuluy ku manehna diseungeut
kumaha tah terusna?

Kieu, "belegug" disadana”

Mangga tewak rarasaan abdi na puisi di luhur!

Tuluy dina puisi ieu di handap.

“Tangkal jengjen gugupayan
Mega beureum nyalimutan
Har, angin sore aaclogan
Mapaes hate kuring nu mikasono si indung budak

Ayeuna, isukan, jeung enjing
Kuring nancep patekadan
Ngaropea tresna nu kungsi tumpur
Naha?
Ah, kuring mah jalma teu boga

Dina nenjo, ngabengbat lamunan
Narajang babasan
Bari poek ningali caang
Duh, indung budak

Gusti nu Agung,
Menta tulung pangnuduhkeun ayana di mana?
Urang mana?
Saha ngarana?

Ci mata teu daek ngeclak
Ngeclak kana manah kuring nu garing
Garing bari teu eling
Eling anu kabeurangan

Ya Alloh pangeran kuring
Kuring menta tulung
Tulung Gusti kuring
Kuring palid kabawa caah kasono taya katepi”


Mangga tewak deui rarasaan abdi na puisi di luhur!

Tuluy dina puisi ieu di handap.

“Heug ku kaula dianteur
Di palataran rek kumawantun
Jung gera cumarita
Lain agul lain jumawa

Tanyakeun kecap nu pernah medal basa harita
Dina mangsa usum ngecrik sora
Lain sono rek ngaloloho
Tapi nginget-nginget nu ges poho

Sabab kuring cacah bakal salah
Lamun teu ngelingan acan
Sok atuh gera petakeun
Sangkan rahayat hirup barokah”


Mangga tewak deui rarasaan abdi na puisi di luhur!

Tuluy dina puisi ieu di handap.

“Simpe dina raraga hojahna
Dek wae ka saha ieu mementa?

Ka gusti pangeran abdi
Taya daya taya upaya

Ya Alloh nu sajati
Ieu abdi tulungan, kabawa palid ti kamari”

Mugia para pamaca tiasa narik kumaha rasa abdi nu diwakilan ku puisi di luhur.

NILEI-NILEI SASTERA JEUNG MANGRUPA TEORINA


Saenyana atuh nulis puisi teh perelu oge diajar teorina. Tapi saur abdi mah teori teh lain jaminan mutlak, “Lamun miboga kaweruh teori nulis, tangtu bakal bisa nulis”. Ah saur abdi mah teu kitu. Sabab ngagugulu teori wae tapi bari teu “brus” ancrub nulis mah moal bisa-bisa. Dina subjudul ieu abdi sakedik bari saliwat wae bade netelakeun bagbagan nilei sastera. Nyaeta nu ku abdi di-peureut tina Shipley (1962: 437 via Tarigan 1984: 194) (1) nilei hedonik anu mana mere karesep langsung pikeun nu maca hasil karya sasterana (2) nilei artistik nyaeta nu nunjukkeun pangaweruh sinareng katarampilan nu nulisna (3) nilei kultural nu mana mibanda tata nilei luhung dina masarakat jeung budaya wewengkonna (4) nilei etis-moral-religius anu ngandung harti yen dina karya sastera kudu miboga didikan sinareng conto nu hade jeung ahlakul karimah (5) nilei praktis anu mana karya sastera teh kudu kabula kabale atawa fleksibel. Tah atuh dina sastera (puisi) teh kudu mibanda sababaraha nilei di luhur eta.

KANG, KUMAHA SANGKAN BISA NULIS PUISI SUNDA?


Salah sahiji babaturan nanya kitu ka abdi. Alah kumaha eta pananyaan dijawab ku abdi nya? Nu matak abdi nulis tulisan ieu oge salah sahijina keur ngajawap pananyaan eta. Kieu. Aya sababaraha poko nu kudu diperhatikeun. Da lamun hayang bisa nulis puisi ku basa Sunda teh memang kudu bisa heula basa Sunda atuh. Salian ti bisa basa Sunda, kudu apal heula naon rupa-rupa gaya basa. Anu mana dina puisi rajeun make basa kiasan (figurative language) keur nyieun puisi sangkan hurip pinuh rasa puitis. Nyaeta make basa kiasan simile, metafora, epik simile, personifikasi, metonimi, sinekdoki, alusi, eponim, epitet, antonomasia, hipalase, ironi, sinisme, sarkasme, satire, innuendo, antifrasis, paronomasia, jeung alegori. Tah kudu wanoh heula jeung rupa gaya basa eta (ngeunaan gaya basa, sarana retorika, tata basa stilistika, analisis semantik, analisis katatawacanaan basa sastera, imaji-imaji, sinareng kumaha analisis Roman Inggarden insya Alloh ku abdi bade dibahas husus dina tulisan salajeungna). Tapi ieu aya dua poko nu kudu dilakonan. Kahiji kudu getol maca. Maca naon wae mangrupa elmu pangaweruh nu rea. Boh psikologi, bahasa, sastera (Sunda), karya-karya sastera (Sunda), sosial, psikologi, politik, antropologi, sosiologi, jeng rea deui. Cobian naroskeun ka para sasterawan atawa panyair atawa panulis, pasti aranjeunna gaduh “perpustakaan sorangan”. Omat sing getol maca. Omat pisan. Contona Ajip Rosidi, anjeunna panulis/sasterawan/panyair/budayawan nu luhung ku kaweruh jeung pangarti sabab junun maca buku (abdi oge nurutan sabab eta conto nu hade). Titenan kalimah ieu, “Saurang nu tukang nulis pasti saurang pamaca buku nu tarapti, tapi saurang pamaca buku nu tarapti can tangtu saurang panulis/panyair/sasterawan.” Teu lain kudu pisan perelu ngagetolkeun maca. Kaduana atuh ‘brus” wae geura ancrub nulis, nulis, nulis, nulis, jeng nulis. Sabab mun hayang bisa nulis kudu “brus” wae nulis. Sakumaha geningan lamun hayang bisa ngojay “brus” wae kana cai ngojay baris diajar nu junun ulah nepi ka ngerelep. Tah nulis oge kitu. Keun wae salah mah da ngaranna diajar. Titenan kalimah ieu, “Saurang akademisi (bisa oge disebut panulis sabab panulis sarua oge jeung akademisi) teu nanaon salah oge asal ulah ngawadul”. Nu matak abdi oge neangan kasalahan sing loba sangkan kumaha bisa ulah salah deui. Ah sakieu heula wae da seueur teori jeung catur mah bisi “balueng”. Pek geura “maca-nulis”. Cag ah.


Garut, Desember 2010

Seja Kapihatur, nu Keuna ku Katutumpuran

Ardi Mulyana H.


saenyana, peting datang mawa beja
yen bulan teu bisa datang liwat lamunan
tur bumi oge reuwas kalawan sieun
marcapada naon ieu?
pinuh ku haliah dunya nu mawa cilaka



manusa, nu sampulur katingali alus awakna
moal nya kitu wae salilana
nu matak ulah leumpang kalayan sombong di tanah Alloh
manusa, nu sok sili kocorkeun getih jeung sasama
padahal, taneuh teh masih teuas keur ngagali kuburan



Garut, Desember 2010

Haiku-haiku Hejosuku I (kumpulan sajak nu sakaeling)

Opat (4) haiku basa Sunda

pun panulis: "ARDI MULYANA H."

I. GEUGEUT

geunjleung ku getah
gigidig ngagibrig gigis
gilisir gilincing

garut, desember 2010

II. GANGGAYONG

salira eling
kuring ambon tiheula
ngabengbat rasa

garut, desember 2010

III. RUJAK LADA

numatak geulis
bongana geulis-geulis
kuring hujan prus pris

garut, desember 2010

IV. PASINI ANJEUN

duh, neng geulis
kamari ngecap jangji
kiwari euweuh bukti

garut, desember 2010

Soneta, untuk Pertempuran Bojongkokosan

Ardi Mulyana H.



puluhan tahun silam
aku hanyalah debu Pak
belumlah tampak di marcapada
serta tanah pasundan



dahulu, bojongkokosan menarik pelatuk
mengusir invasi serdadu laknat
oi, gekbrong tunggu
aku ingin hidup lagi Tuhan



berjuang bersama para karuhun baheula
angkat senjata bersama nini-nini pula
sejarah pun tahu, bojongkokosan tak hilang oleh waktu



kami, anak sunda bilang
"hidup bojongkokosan, kita serang dan gempur
si tentara laknat dengan merdeka atau mati"



Garut, Desember 2010

Yang kusebut Masterpiece-ku

Aku Pun Tahu, Nada yang Didiami dan yang Padam : Dari Ardi Mulyana H.

Sepi pun kumulai
Dengan kekuatan besar di balik kata-kata
Ah, syair apakah ini
Begitu bergelora



Masa laluku terpuruk ke jauh ke dalam bumi
Yang tiada lain adalah kegagalanku
Sebab, aku terbang ketika aku jatuh
Adakah di antaramu penyaksi jalan hidupku



Aku melewatkan waktu bersama api
Membakar rimba pengasingan benua gaib
Menyulut nafsu amarah memelihara keterasingan dalam dunia
Kini aku hidup bersama kata dan arti



Bagiku, cukuplah nama-Mu yang kusebut kala sakaratul maut menjemput
Semlohai Dzat Penguasa Alam, izinkan aku untuk menulis
Sebab, aku hanya bisa hidup melalui tulisan
Yang sebenarnya kutemukan diriku lewat tulisanku sendiri


Garut, November 2010

Melang, Nalungtik Anteng Sorangan (kumpulan sajak nu sakaeling)

Ardi M. H.

jungjunan
kadieu ka darmaga
abdi melang

ningali gulidagna selat sunda
lir cai laut diuyahan

Merak, 2010

Cangcaya, Teu Apal, Isuk, Ayeuna, jeung Pageto (kumpulan sajak nu sakaeling)

Ardi M. H.

rek nepi ka iraha bae
kuring balirihan cimataan
gusti, tulungan
kuring kabawa caah ti baheula

Merak, 2010

Saheulai Sajak keur Anak Gunung Krakatau (kumpulan sajak nu sakaeling)

Ardi M. H.



kapihatur

anak gunung krakatau

keur udud haseupna nyelebung



abdi rek nanya,

damang pangersa?



Merak, 2010

Guntur, Gedag ku Cai Cacaah Selat Sunda (kumpulan sajak nu sakaeling)

Ardi M. H.

cai tinggorowok
cawokah elekesekeng
abdi ngabigeu

kamana kakasi
abdi?
ieu merak tingbaranyay

Merak, 2010

Tilar na Cai (kumpulan sajak nu sakaeling)

Ardi M. H.

kahatur keur,
selat sunda nu melang
ka mana pilot nu murag kamari?

Merak, 2010

Soneta, Baso nang Menta

Ardi M. H.

satu
dua
tiga
empat empat tiga tiga

son
cek
son cek son cek

empat empat tiga tiga
empat bait

Garut, 2010

Aku Si Miskin, yang tak Lepas Nadanya dengan Gemuruh

Ardi M. H.



aku miskin

tapi aku kaya dengan puisi



di jepang haiku

di garut hejosuku



ovtherdom

bret



Garut, 2010

Dia Nada yang tak Ada

Ardi M. H.

engkau kosong
dan

song-song
molongpong

Garut, 2010

Kueh Adeboy (kumpulan sajak nu sakaeling)

Ardi M. H.

ceuk urang ingris, "what sing a song at the boy"
ceuk urang sunda, "wacing cong adeboy"

Garut, 2010

Lalampahan Hirup (kumpulan sajak nu sakaeling)

Ardi M. H.



lalampahan matak balangsak

nincak keteuhak salah ahlak

numatak, hate ulah pabalatak



Garut, 2010

Sajak Udud jeung Cikopi (kumpulan sajak nu sakaeling)

Ardi M. H.

mangsabodo paduli
ngebul amisna cikopi
tapi pait ku budi salira
jung nyingkah!
siah!

Garut, 2010

Hiji Mangsa (kumpulan sajak nu sakaeling)

Ardi M. H.

na hiji mangsa kahareup
kuring lain nu baheula
tenjo ku salira
ibun ngeclak lamun kuring ceurik

Garut, 2010

Sajak Inohong

Ardi Mulyana H.

--kanggo para pajabat--

ieu surat ti garut,
ti cacah,
kumaha daramang?

Garut, November 2010

Tulisan Populer