Di SPs UPI Bandung (sajak Sunda)

Di SPs UPI Bandung

Ardi Mulyana H.

kuring indit ti imah
nambelarkeun rasa nu aya
pikeun nyukcruk pangarti nu sajati
ieu bekel ti kolot keur kuring

ngawaris ku harti
lain ku harta
lir ibarat ibun ngeclak tiis kana taneuh nu garing
nu patingkarebul

di sps upi bandung
kuring hayang rumentang lir bentang baranang
pikeun babakti ka agama, nagara, katut kulawarga
estu nu hiji

nu ngoceak dina leuweung hate nu hade
tarajang babasan jeung hinaan batur
kuring moal rek reg rog
panceug lir tangkal kalapa nu keukeuh peuteukeuh

Garut, 2011

Tulisan Populer