Wawanti ti Panyair (Sajak Sunda)


Pun Panulis Ardi Mulyana Haryadi

langit luhur marcapada
kacida mongklengna
kayaning bulan kapinding mega

pun jungjunan iraha rek datang
tina uulem kuring seja ngantos
ngantos anu lain sulaya

kalih tina hasta
seeng tina tambaga
sono nu tohaga

kop keur anjeun
top keur anjeun
kop keur anjeun

rasa tresna lain harti pinunjul ku harta
titenan tapi ku harti
harti nyieun harta kacida sastra

sastra nu endah lir ibarat katumiri wanci isuk
dipikabatur ku nyerebetna warna poe nu kara bijil
top eta keur anjeun

pun kakasih
ieu sajak keur nganteur ilahar rasa hate manusa
anu teu sampulur hade rupa

pameunteu kuring hideung kacida
tapi teu kitu jeung rasa tresna kuring
amis kaluar tina hideung

o, panyair nyumponan kahayangna
sangkan harupat mapay galeng kasono nu rongkah
taya kacipta

o, panyair nu mibanda harti lain harta
lain tutung ku ruhay
tapi tutung ku basa

kakasih
rek nepikeun iraha jangji satia kumelendang dina manah
lamun teu ti ayeuna ti kuring ka anjeun

Garut, Agustus 2012

Tulisan Populer