Garekgok

Ku Ardi Mulyana Haryadi

har, rarupekna dunya
ku saha ruksana kahayang papada manusa

teuing ku saha
teuing di mana

dina enggoning hate nu estuning
teu paduli teu wawuh kacapiring
humaregung bae dina luhur jukut na lamping

na enya ku manusa
na enya ku teu rumasa

paguron teu jadi harti nu hariring
lamun teu bisa riksa diri anaking

na enya eta carita
nu bener eta kirata

humarurung na jero samping
ngaji diri ngaji rasa bati kayaning

Bandung, Oktober 2015

Sajak-sajak nu Kungsi Kaliwat

Ku Ardi Mulyana Haryadi


geus lila, geus sabara taun kuring teu ngaguar carita
lain poho, lain, lain poho
teu pisan pisan poho kana carita

euh, kuring geus ngalalana ngalaan cangcaya-cangcaya
kuma aranjeun, urusan aranjeun rek ngahartian ieu sajak
kuring lain poho, lain poho teu pisan pisan

angin, nya heueuh ieu angin, angin peuting ngadalingding
pohara nyoranganna mintonkeun karupekan hate pamake
teuing geus kamana palidna rasa basa nu matak ngoncara

teu karasa waktu seserelekan kayaning cai tingkalucur tina lamunan
ah, kuring geus cape teu hayang nyieun deui kadoreksaan diri
kiwari mah kuduna leuwih hade loba babati kanu Sajati

kaheman, rasa heman teu weleh ngurangan
lain harti diapikan ku feminim feminim anu medakeun sasaji kuring
teu kapalire dina jumantara sawangan kamari


Bandung, Oktober 2015

Tulisan Populer