Pituin Hirup (kumpulan sajak nu sakaeling)

Ku Ardi M. H.

Lir ibarat suung marentis di usum hujan
Seug bae manehna teu hurip di usum halodo
Naon maksad dina sawatara eta?
Si suung ngarti kana panempatan dirina

Komo deui jalma
Boga akal jeng pangarti
Estuning ngarti kana palakiah hirup sangkan hurip
Jejer carita heman manusa kudu saluyu ucap, laku, jeung lampah

Heug tenjo,
Katumiri endah dina mangsana
Mun euweuh cai
Arek kumaha

Gusti Alloh nu Maha Agung
Ges negesken yeng sagala kahirupan teh aya papadanana
Hade jeng goreng
Tresna jeung baeud

Hirup, mun melak hade tangtu hade
Hirup, mun melak goreng tangtu goreng
Sok teuleuman jeung talungtik
Yen papatah kolot moal nyalahan

Kuring simpe dina gandeng
Kuring baseuh dina garing
Kuring edan dina eling
Kuring bodo dina ngarti

Cag!


Garut, Agustus 2010

Piano Jepang (kumpulan sajak nu sakaeling)

Ku Ardi M. H.

Jreng, tret, jreng, tret
aya si kuntet keur joget
jreng, tret, jreng, tret
aya si karet keur dahar diempet-empet

cag, ah!

Garut, Agustus 2010

Pepetasan (kumpulan sajak nu sakaeling)

Ku Ardi M. H.

Di hiji poe
aya budak meuli pepetasan
tuluy ku manehna diseungeut
kumaha tah terusna?

Kieu, "belegug" disadana

Garut, Agustus 2010

Kunyuk (kumpulan sajak nu sakaeling)

Ku Ardi M. H.

"Abah, sieun dikerewes ku monyet" ceuk incuna
si Abah ngawaler, "moal nanaon, moal ngerewes"
"naha Bah?" temal incuna.
"Apan silaing monyetna"
Ah bae, "Abah kunyuk atuh" ceuk incuna bari seuri ngadahar rujak

cag ah, pangersa!

Garut, Agustus 2010

Teu Eling Aeh-aeh (kumpulan sajak nu sakaeling)

Ku Ardi M. H.

Elekesekeng,
hol deui si manehna
ngajirim dina kokolebat
estu tateh kudu kitu

aeh, kuring milu ngajirim ngababuk rasa nalaktak reuhak nu matak balangsak
aeh, hol deui si manehna
noroweco kana hate
reuheus deuheus hareuas heuras
har, tugening matak cangcaya

kuring teu eling
nyieun sajak teu make tumis suling
aeh, ah sabodo
make licentia puitika sabada harita
aeh, hol deui si manehna

tapi kieu, kuring ngagending karesmen
prung ah ngigel
cul dogdog tingal igel
kieu, "lir bentang caang ku lilin, estu eta pamohalan rongkah, tapi katumiri anu matuh ngagolosorkeun meumeut tresna nu baheula, aeh aeh teu eling na sastra nyieun warta, kuring teh masih tresna ka manehna, tapi na ngimpi"
aeh, da duka laksana duka kalaksana

cag, juragan!

Garut, Agustus 2010

Tulisan Populer