Tampilkan postingan dengan label Sastra Sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Sastra Sunda. Tampilkan semua postingan

Garekgok

Ku Ardi Mulyana Haryadi

har, rarupekna dunya
ku saha ruksana kahayang papada manusa

teuing ku saha
teuing di mana

dina enggoning hate nu estuning
teu paduli teu wawuh kacapiring
humaregung bae dina luhur jukut na lamping

na enya ku manusa
na enya ku teu rumasa

paguron teu jadi harti nu hariring
lamun teu bisa riksa diri anaking

na enya eta carita
nu bener eta kirata

humarurung na jero samping
ngaji diri ngaji rasa bati kayaning

Bandung, Oktober 2015

Sajak-sajak nu Kungsi Kaliwat

Ku Ardi Mulyana Haryadi


geus lila, geus sabara taun kuring teu ngaguar carita
lain poho, lain, lain poho
teu pisan pisan poho kana carita

euh, kuring geus ngalalana ngalaan cangcaya-cangcaya
kuma aranjeun, urusan aranjeun rek ngahartian ieu sajak
kuring lain poho, lain poho teu pisan pisan

angin, nya heueuh ieu angin, angin peuting ngadalingding
pohara nyoranganna mintonkeun karupekan hate pamake
teuing geus kamana palidna rasa basa nu matak ngoncara

teu karasa waktu seserelekan kayaning cai tingkalucur tina lamunan
ah, kuring geus cape teu hayang nyieun deui kadoreksaan diri
kiwari mah kuduna leuwih hade loba babati kanu Sajati

kaheman, rasa heman teu weleh ngurangan
lain harti diapikan ku feminim feminim anu medakeun sasaji kuring
teu kapalire dina jumantara sawangan kamari


Bandung, Oktober 2015

sasieur sajak sunda


sasieur sajak sunda

ku 
Ardi Mulyana Haryadi

tapi lamun panon poe ragrag cahyana ka marcapada
kayaning waktu anu lingsir ngadahup sajeungkal tina pirambut salira
heh, nya kitu deui samar kecap pikoredaseun kana acining ati nu ngajati dina harti
dina sawatara bentang gumujeng enggoning na lamunan
reup bray, reup bray, paneunteu nu burahayna lir ibarat wulan opat welas tinggalebray
gulungkeun ieu sajak ku pameunteu anjeun
dina mangsa piwuruk teu kirang ti kuring ka anjeun
nyai, ulah rek baeud, angin tinggilisir, daun tingkorosak
ulah rek jumawa miceun kaasih nu waas tenjona, nu gagas raheutna
ayeuna kahayang teu kacumponan nu baheula dimumule
ayeuna ngan ukur tumpur kasered caah
kiwari, ngan ukur beja
anjeun di mana, anjeun di mana
nyesakeun carita nu kungsi raheut pageuh kaya saperti leugeut dina rokrak
heh, dangdaunan tinggurupay ningali mayapada kumelendang sorangan
ngahiuk kahimpe tina langit garut turun kahayang
bareto jeung ayeuna sarua tenjona

Garut, 2013

Wawanti ti Panyair (Sajak Sunda)


Pun Panulis Ardi Mulyana Haryadi

langit luhur marcapada
kacida mongklengna
kayaning bulan kapinding mega

pun jungjunan iraha rek datang
tina uulem kuring seja ngantos
ngantos anu lain sulaya

kalih tina hasta
seeng tina tambaga
sono nu tohaga

kop keur anjeun
top keur anjeun
kop keur anjeun

rasa tresna lain harti pinunjul ku harta
titenan tapi ku harti
harti nyieun harta kacida sastra

sastra nu endah lir ibarat katumiri wanci isuk
dipikabatur ku nyerebetna warna poe nu kara bijil
top eta keur anjeun

pun kakasih
ieu sajak keur nganteur ilahar rasa hate manusa
anu teu sampulur hade rupa

pameunteu kuring hideung kacida
tapi teu kitu jeung rasa tresna kuring
amis kaluar tina hideung

o, panyair nyumponan kahayangna
sangkan harupat mapay galeng kasono nu rongkah
taya kacipta

o, panyair nu mibanda harti lain harta
lain tutung ku ruhay
tapi tutung ku basa

kakasih
rek nepikeun iraha jangji satia kumelendang dina manah
lamun teu ti ayeuna ti kuring ka anjeun

Garut, Agustus 2012

Sajak-sajak Duriat



Panulis, Ardi Mulyana Haryadi

Kana marcapada, bulan ninggangkeun cahyana
Nya kitu ogé kacinta nu dipiboga murag kana haté salira
Urang duaan anu kungsi panggih di handapeun gunung guntur
Dina mangsa usum hujan urang sili baledog kanyaah
Silih pikawanoh tuluy silih pikanyaah
Salira kiwari geus ngeureunkeun kasono kuring
Nu saestuna masih gede duriat lir ibarat caah mimiti usum hujan
Salira, oh sifa, naha anjeun teu daek malire?
Kuring miboga kahayang mung Gusti langkung paos saniskara
Saniskara anu aya di langit boh bumi
Rék kamana deui ngaguar carita?
Rék kamana deui namplokkeun kahéman
Salira anu burahay pameunteuna, kamana? Kuring sono
Naha anjeun kalah lumpat ngajauh jeung nu séjén
Kuring di dieu ambon sorangan ngan dibaturan ku kalakay
Angin sore anu ngadalingding, hujan ririncik anu mawa kakeueung
Kuring sorangan mapag kasono nu moal katepi
Duh anjeun anu sumeblak kiwari teu aya beja
Najan urang teu ngahiji tapi kuring yakin tresna nu kungsi aya jadi saksi
Najan pondok jodo panjang baraya
Kuring boh salira pernah nulis carita
Basa mangsa harita urang duaan di darajat ningali garut nu upluk aplak
Hanjakal kiwari geus tumpur
Kinasih nu rakeut jeung kasono
Kuring nitip salam ka salira dina mapag rumah tangga
Sing mulus rahayu salamet
Keun kuring ambon sorangan jeung kalakay
Oh, angin nu nebak mawa carita tur mawa kapeurih
Jukut nu lamokot ku reumis mere nyaho
Kapeung mah kaimpleng basa urang kungsi babaseuhan di santolo nu ngaloloho
Basa di jalan siliwangi sagelas duaan nyuruput inuman
Kiwari tumpur
Tresna nya éta saréat sarta usaha cukang nu jadi lantaran urang ngahiji
Hanjakal kiwari teu pinasti
Salira, sing nyaho kuring neundeun kanyaah ieu ngan hiji keur anjeun
Yén kuring mikacinta salira sausap rambut satapak dampal ti luhur nepi handap
Keun rasa ieu rék dibawa semet kuring tilar ti dunya

Garut Mangsa Mimiti Usum Hujan, Oktober 2012

Sajak Pangeureunan (sajak sunda)


Pun Panulis Ardi Mulyana Haryadi 

sumeblak, ngagilisir kana manah 
bati ngaji rasa hirup sajati 
acining manusa nu euyeuk napsu angkara 
anjeun boh kuring 

garut, 2012

Kalakay nu Mapay (sajak sunda)


Ku Ardi Mulyana H.

kapungkur nu awis tepang
kiwari teu unggeuk datang
kalah mere beja nu teu ilahar

kayaning samagaha dina sabudeureun bulan
kahatur kakasih
nu unggut kalindungan gedag kaanginan

seja mere tetela acining rasa nu mengrupa seuseupahan
nu matak kateuhak kana tikoro
nya oge hate

kakasih ulah rek pundung
urang nyalindung dina beuteung indung
nu baheula medalkeun urang duaan ka marcapada

kakasih, di bumi alam panonpoe patingplentrang
nyentangan sakabeh makhluk nu ngageugeuh ieu marcapada
ajar meneng, naun harupat nu kudu dijampe deui?

lain harti sawatara pangarti nu moal jadi
lain heman nu matak ngaraguhala kana manah
duh kakasih kuring estu soneo

melang ka anjeun ti bareto
ti bareto nu aya nyagak dina jungkrang hate
kakasih, ulah daek pundung

Garut, 2012

Sajak-sajak nu Mimiti Kedal (sajak sunda)




Ku Ardi Mulyana Haryadi


Pohara angin ebreh ti welah wetan
Mawa katugenah lir kayaning suruput cai tina leuwi
Ngan mikir kanu rogaha awak sinareng rasa
Mungguhing sing soson tur junun
 Miara rasa jeung basa jumantara budaya urang
Liwat ieu sajak nu kumelendang nyerepet ti wetan katut angin nu pohara
Kuring milu ngalangkung ruing gunung nu ngaderet di saluareun urang
Ulah poho di dunya alam

Garut, Januari 2012



Sabeungkeut Sono keur Pun Kakasih




Ku Ardi Mulyana Haryadi

Naha lamun nanya ka cikaracak saha nu rek ngajawapna
Lamun lain itikurih kuring mindingan rasa kasono nu rongkah
Dina hate nujero tur gudawang lir kayaning guha
Rek ka saha kudu ngabengbat rasa
Lamun lain ka anjeun pun kakasih
Nu pinunjul leuwih rea

Garut, Januari 2012

Prosa Liris Sunda nu Kadua

Mongkleng keur Caang

Ardi Mulyana Haryadi

Poek mongkleng di langit Bandung. Mega hideung moyondon kayaning semu nu beurat. Kuring cicing heula samemeh balik ka Garut. Niangali heula kaayaan manusa nu sakieu ramena. Di kampus ieu kacida capena. Neang pangarti pikeun jati diri nu sajati. Kantong nu beurat kuring seuri nyerengeh bari ngomong ka kuring, "iraha rek balik lur? Geus burit kaburu hujan tamplok tina langit"
Bulan nu rek bijil katingali semu ngiceupan.

Kampus Bumi Siliwangi, 2012

Prosa Liris Sunda nu Kahiji

Kasono

ku Ardi Mulyana Haryadi

Kiwari, angin nu ngadalingding teu daek datang. Kalakay kalah ngalamun seja cicing kayaning cai nu sare. Di langit, mega taya katenjo. Neng Yeyen katingali keur diuk di tepas. kameja kasumbana nambihan moncorong simana. Hatena teu puguh alatan mikiran kabogohna nu teu balik wae ti luar negri. Cenah mah keur kuliah di nyuprih pangarti di London University. Hatena ngagerentes, 'melang, nu teu aya jalan nepikeun ieu kasono dina hate leuwi kaasih kiwari teu daek cicing"

Garut, 2012

Tilar Harepan


Ku Ardi Mulyana H.

kula hayang indit
ninggalkeun wates wangen manusa dina alak paul
meunang beja nu teu genah kana hate
nyeredet ngagasrak kayaning hinis nyimpreng
rek kumaha
kudu ka saha numiba carita
kudu ka mana netelakeun kagagas
hate nu semu hideung
hate nu ngageunggeuik
lir ibarat jati murag daunna
ngaheuyeugeung
ngabangbalung katebak angin

(sakeclak sajak, tilar harepan, ditulis di garut wanci subuh, februari 2012)

Sabeungkeut Sono keur Pun Kakasih (Sajak Sunda)


Ku Ardi Mulyana Haryadi

Naha lamun nanya ka cikaracak saha nu rek ngajawapna
Lamun lain itikurih kuring mindingan rasa kasono nu rongkah
Dina hate nujero tur gudawang lir kayaning guha
Rek ka saha kudu ngabengbat rasa
Lamun lain ka anjeun pun kakasih
Nu pinunjul leuwih rea

Garut, Januari 2012

Sajak-sajak nu Mimiti Kedal (Sajak Sunda)


Ku Ardi Mulyana Haryadi

Pohara angin ebreh ti welah wetan
Mawa katugenah lir kayaning suruput cai tina leuwi
Ngan mikir kanu rogaha awak sinareng rasa
Mungguhing sing soson tur junun

Miara rasa jeung basa jumantara budaya urang
Liwat ieu sajak nu kumelendang nyerepet ti wetan katut angin nu pohara
Kuring milu ngalangkung ruing gunung nu ngaderet di saluareun urang
Ulah poho di dunya alam

Garut, Januari 2012

Nu Geulis Raket Kinasih (sajak Sunda)


Ku Ardi Mulyana H.

nu geulis lulumpatan mawa kamelang
ngudag rasa nu estu marandang
lir saperti kaya ibun herang boborelakan sorangan

nu geuls ulah ringrang
ieu akang keur nyuprih pangarti 
salawasna lir ibarat angin lebak nebak kana raray

ieu sajak, akang nungtun kana diri
ngaji rasa pikeun sajati
nu kaya saperti koceakna guludug di langit nu hieum

dagoan geulis sakeudeung deui akang balik
mentrang carita tresna nu kungsi dijait di sisi laut pemengpek
sok najan guriang sagede gunung,akang moal tambelar

Garut, 2011

Sajak-sajak Lumeho (Sajak Sunda)


Ku Ardi Mulyana H.

kalawan hate nu melas
kulincir angin mepende ku hiliwir
sinari rasa nu nyeblak lumpat nyagak
netela hiji harti nu kacida tunggara
ka mana rek cumarita?
lian ka Anjeun nu kawasa
ieu sajak lumpat lumeho
tina ngaji kanu diri

Garut, 2011

Ti Kuring keur Aranjeun (Sajak Sunda)


Ku Ardi Mulyana H.

--kanggo rengrengan mahasiswa program studi linguistik sps upi angkatan 2011--

baheula kinasih nu can aya
kungsi mentrang tina lamunan
kungsi kasorang ku jumantara kahayang
kungsi marojengja teu aya tungtungna

ayeuna, nu dianti geus datang
geus raket pageuh dina sapotong sajak kuring
urang bareng sadudulur
miara elmu basa ku raga lir ibarat cai ngalir taya kiruh

Garut, 2011

Haiku-haiku Hejosuku (kumpulan haiku basa Sunda)



Haiku-haiku Hejosuku
(kumpulan haiku basa Sunda)













Ardi Mulyana H.


bubuka 

Aya sebabaraha pamadeugan simkuring tina haiku-haiku Sunda ieu nu rek dipintonkeun. Salah sahijina nyaeta netelakeun kalungguhan basa Sunda. Simkuring dina antawis eta oge hayang ngamumule sastra Sunda nu kacida geus jarangna. Ku kituna, sintreuk sinareng panyawad mugia diantos keur kamajuan tulisan simkuring ieu. Satadina mah ieu naskah bade dibukukeun mung harese wae sareng pajurawet prosesna. Atuh teu aya salahna simkuring mintonkeun ieu naskah nu ditulis simkuring di dangeut salse mangsa sakola di SPs Linguistik UPI. Ari salse tos kuliah, nulis deui, nulis deui. Pami tos gentos jadwal, der nulis, pami tos kaluar kelas, der nulis. Nu matak teu heran ieu naskah ditulis di Kampus Bumi Siliwangi. Oge teu hilap ngahaturkeun nuhun ka Prof. A. Chaedar Alwasilah, Ph.D. anu ngadukung simkuring pikeun nulis, nulis, nulis, jeung nulis. Nya atuh bral wea ning "haiku-haiku" basa Sunda nu dipikahayang ieu teh. Mugia mangpaat sasieureun sabeunjeureun. Cag!






                      Pun Panulis, Bandung 2011



Ardi Mulyana Haryadi


Gulusur

Naha kumaha
Pipikiran anjeun teh
Har, beut kitu ah



















Kudawet

Ka mana atuh
Duh raray salira teh
Buricak burinong
Mantog

Manusa iraha
Ulah wae balaga
Kaburu paeh



















Nyeureud

Tah sungut salira
Talian ku rapia
Pabeulit wae
Salempang

Neng ulah ring rang
Kuring masih araya
Tah na hate neng



















Gebrus

Kamari kuring
Balik ti imah anjeun
Ayeuna bogoh
Parawan

Bongana geulis
Hate kuring prus pris
Teh akang bogoh



















Dudunya

Ti isuk jeder
Nepi ka burit jedur
Iraha sholat?
Bulantok

Aya bulan neng
Geuwat ala ku hate
Tok toroktok tok



















Huleng

Ngalamun meureun
Engke oge ngalaman
Ulah salempang
Tiung

Ditiung hade
Sangkan katenjo geulis
Duh kabogoh



















Sifa

Basa eta teh
Pinanggih di sawah
Eh beut geulis ning
Panyair

Kamari kuring
Sakola jadi guru
Eh panyair ning



















Murukusunu

Kahatur bapa
Anu boga jabatan
Iraha damang?
Adeboy

Cau jerona
Amis pisan karasa
Ma, hayang deui!



















Dodol

Ieu amis tah
Asli buatan garut
Nya dodol garut
Wok

Ma, aya niwok
Reuk meulikeun uyah
Har beut asin



















Surem

Na tangkal awi
Aya jurig jarian
Tah ublag-ublag
Pamajikan

Aduh kayungyun
Pamajikan kuring teh
Kumaha salaki



















Siah

Kaditu nyingkah
Ulah malaan runtah
Ah halah-halah
Gudawang

Bongana atuh
Ulin jeung tresna asih
Nyeuri tah hate



















Abus

Rumaos abdi
Atuh jadi tigebrus
Gilisir gilincing
Ngablak

Tuh panto hate
Muka geura ditutup
Ku cara kawin



















Bear

Bersihan getih
Dina hate manusa
Ulah rek balaga
Garut

Gunung nu arendah
Leuwi nu jarero di
Garut gerenah



















Garut II

Baseuh ku ibun
Wanci janari leutik
Geura tuturubun
Mabok

Sakali mabok
Dua kali ngarampok
Tah jelema rewog



















Haiku

Di jepang haiku
Di garut hejosuku
Murukusunu
Haiku II

Mangsi nu nulis
Raray geulis ku haiku
Har ni gumeulis



















Sampulur

Hadena rupa
Ditambah harta banda
Aduh kayungyun
Salira

Na rek ka mana?
Can kawin wae geus kitu
Teu bisa sabar



















Cumarita

Naha teu cukup
Kanyaah nu rongkah teh
Kalah balaga
Sasab

Tuh di dinya teh
Aya dunya nu rongkah
Kade tileum

Tulisan Populer