Prosa Liris Sunda nu Kadua

Mongkleng keur Caang

Ardi Mulyana Haryadi

Poek mongkleng di langit Bandung. Mega hideung moyondon kayaning semu nu beurat. Kuring cicing heula samemeh balik ka Garut. Niangali heula kaayaan manusa nu sakieu ramena. Di kampus ieu kacida capena. Neang pangarti pikeun jati diri nu sajati. Kantong nu beurat kuring seuri nyerengeh bari ngomong ka kuring, "iraha rek balik lur? Geus burit kaburu hujan tamplok tina langit"
Bulan nu rek bijil katingali semu ngiceupan.

Kampus Bumi Siliwangi, 2012

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer