Tilar Harepan


Ku Ardi Mulyana H.

kula hayang indit
ninggalkeun wates wangen manusa dina alak paul
meunang beja nu teu genah kana hate
nyeredet ngagasrak kayaning hinis nyimpreng
rek kumaha
kudu ka saha numiba carita
kudu ka mana netelakeun kagagas
hate nu semu hideung
hate nu ngageunggeuik
lir ibarat jati murag daunna
ngaheuyeugeung
ngabangbalung katebak angin

(sakeclak sajak, tilar harepan, ditulis di garut wanci subuh, februari 2012)

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer