Sajak-sajak Duriat
Panulis, Ardi Mulyana Haryadi
Kana marcapada, bulan ninggangkeun cahyana
Nya kitu ogé kacinta nu dipiboga murag kana haté salira
Urang duaan anu kungsi panggih di handapeun gunung guntur
Dina mangsa usum hujan urang sili baledog kanyaah
Silih pikawanoh tuluy silih pikanyaah
Salira kiwari geus ngeureunkeun kasono kuring
Nu saestuna masih gede duriat lir ibarat caah mimiti usum
hujan
Salira, oh sifa, naha anjeun teu daek malire?
Kuring miboga kahayang mung Gusti langkung paos saniskara
Saniskara anu aya di langit boh bumi
Rék kamana deui ngaguar carita?
Rék kamana deui namplokkeun kahéman
Salira anu burahay pameunteuna, kamana? Kuring sono
Naha anjeun kalah lumpat ngajauh jeung nu séjén
Kuring di dieu ambon sorangan ngan dibaturan ku kalakay
Angin sore anu ngadalingding, hujan ririncik anu mawa
kakeueung
Kuring sorangan mapag kasono nu moal katepi
Duh anjeun anu sumeblak kiwari teu aya beja
Najan urang teu ngahiji tapi kuring yakin tresna nu kungsi
aya jadi saksi
Najan pondok jodo panjang baraya
Kuring boh salira pernah nulis carita
Basa mangsa harita urang duaan di darajat ningali garut nu
upluk aplak
Hanjakal kiwari geus tumpur
Kinasih nu rakeut jeung kasono
Kuring nitip salam ka salira dina mapag rumah tangga
Sing mulus rahayu salamet
Keun kuring ambon sorangan jeung kalakay
Oh, angin nu nebak mawa carita tur mawa kapeurih
Jukut nu lamokot ku reumis mere nyaho
Kapeung mah kaimpleng basa urang kungsi babaseuhan di santolo
nu ngaloloho
Basa di jalan siliwangi sagelas duaan nyuruput inuman
Kiwari tumpur
Tresna nya éta saréat sarta usaha cukang nu jadi lantaran
urang ngahiji
Hanjakal kiwari teu pinasti
Salira, sing nyaho kuring neundeun kanyaah ieu ngan hiji keur
anjeun
Yén kuring mikacinta salira sausap rambut satapak dampal ti
luhur nepi handap
Keun rasa ieu rék dibawa semet kuring tilar ti dunya
Garut Mangsa Mimiti Usum Hujan, Oktober 2012