Di Handapeun Gunung Guntur (sajak sunda)

Ardi Mulyana H.


Rumentang deui carita kinasih
nu hojahna panonpoe rek surup
galindengna sora cai maturan urang na paamprok di handapeun Gunung Guntur

kolebat,
raga nu diteang
sampulur nu taya kacipta

seah, angin lalumpatan nebak kalakay
pare oge jaipongan kalawan bangkong uwok-uwokan

nu teu kungsi lila
jadi kaasih kuring
nu datang ti masing-masing ati
keun anteup,
asih urang sina ngahiji

garut, 2011

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer