Pureleng Tenjona (sajak sunda)


Ardi Mulyana H.

estu,
kaasih miwah kasono
nu rongkah patingpuruluk
na hate, nya hate anjeun

kuring lain jumawa agul ku mangrupa sajak
lain,
lain kitu
sabab nu mana disebut sajak teh teu lian kalaras nu katebak angin

tingali, angin nu ceuyah teu daek ngajedog
nenjo manusa nu sangeunahna
laku lampah
nenjo jalan salah

Garut, 2011

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer