Isuk-isuk (sajak Sunda)

Ardi Mulyana H.

Poe haleumheum kahalang mega
angin ngagilisir nebak kalaras
oyag-oyagan
lir ibarat manusa keuna owah gingsir

nya atuh implengan patingburaset
tina sewang-sewangan
beda rupa beda kahayang
tapi urang mah beda oge anger "bhineka tunggal ika"

garut, 2011

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer