Wanci

Ardi Mulyana H.


Subuh nu melang
janari nu matandang
wanci nu mustari
nitik ati nu sajati

lamun mah sampulur
hade lampah hade galur
nya estuning loba ginulur
nyaeta mibanda pangaweruh nu luhur

seja marindingan
kinasih nu marakayangan
moal rek pasalia tina kanyataan
yen abdi jeung salira arambon sorangan



garut, 2011

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer