Sajak Katresna IV (sajak Sunda)

Ardi Mulyana H.

Sono nu ngalingirik,
ngalingga dihade-hade
kanyaah nu lindeuk
ngalindih ngalimded

sanajan kahayang nu ceuyah,
lir usum suung dina palataran
moal lewang moal ringrang
sabab anjeun aya na hate kuring

atuh kocapna ku basa,
nyaeta asup kana lengkob tresna
ngan mun sono
kuring mah nepikeun ka anjeun liwat saheulai sajak

har, tukuran ieu sajak!
ku naon wae ge kuma anjeun
na arek nyaah,
na arek meumeut, duh pamajikan

garut, 2011

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer