Ponyo (sajak Sunda)

Ardi Mulyana H.

Tugening nembongan,
sawah nu ngeplak gugupayan
seahna sora kalakay
mawa keueung sewang-sewangan

baris kacatur,
baheula basa usum kacang panjang
di sawah paparasakan
peda, jengkol, sambel goang tur lalab tespong

emut nu nanjeur,
kahayang sangu nu ngebul
ngalimed tarasi na sambel
har, ati maung nu ngenah kitu

mungguhing ponyo,
botram di sawah
baheula sawah masih loba
kiwari talumpur jadi lahan industri

garut, 2011

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer