Sajak Katresna III (sajak Sunda)

Ardi Mulyana H.

-kanggo s.f.c-

Mungguhing geulis,
kapidangkeun bag-bagan carita
nu imut pinunjul dina hate
mindingan tur mawangi kekembangan

salira, duh anggeuhan
nu sampulur hade rupa
nu ngeudalkeun kasono
miara nyucruk kana sajeroning ati

duh salira,
burahay kawas cahya wulan opat welas
mapaes kahirupan nu tunggara
nya atuh moal matak pasalia

tuh salira,
tenjo di luar angin bibilintik arulin
nebak kalakay patinggilisir
rag kana taneuh
sarua murag ka handap, ka bumi nu ngayuga

duh salira,
nu kapiara dina impenan
seja nu diemut-emut
na kanyataan boh na ngimpi
salira, imutna aya di mana?

Garut, 2011

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer