Jorojoy Asih (sajak sunda)

Ardi Mulyana H.

Jungjunan,
nu nganti kuring saban mangsa
ngapak awak ka angkasa

sabab, kuring rek indit sakola deui
di bumi siliwangi
di paris van java salila dua taun
neangan pangarti pikeun sarerea
mibanda elmu basa

naon atuh bedana kaasih kuring jeung salira?
nu aya mung burahay bulantok,
kawas bulan sagede batok

kuring teu weuleh nanya, "sono teu ka kuring?"

seah deui,
angin ngadalingding nebak rambut salira,
duh jungjunan, hayu urang nyukcruk carita cinta

garut, 2011

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer