Raheut (sajak sunda)


Ardi Mulyana H.

geus mah aya sabaraha mangsa
lila ka tukang
manusa laku lampah lir angin nu patingsareah
teu daek cicing

nya atuh naon bae nu dipikaemut?
salian lalampahan nu hade nu goreng
ulah rek bae nenjo kanu kamari
lamun mah matak raheut

har!
halodo nu taya datang
nambah pabaliut pikeun sewang-sewangan manusa
nu ceuk sabagian mah, teu mangrupa

Garut, 2011

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer