Ti Kuring keur Aranjeun (Sajak Sunda)


Ku Ardi Mulyana H.

--kanggo rengrengan mahasiswa program studi linguistik sps upi angkatan 2011--

baheula kinasih nu can aya
kungsi mentrang tina lamunan
kungsi kasorang ku jumantara kahayang
kungsi marojengja teu aya tungtungna

ayeuna, nu dianti geus datang
geus raket pageuh dina sapotong sajak kuring
urang bareng sadudulur
miara elmu basa ku raga lir ibarat cai ngalir taya kiruh

Garut, 2011

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer