Sajak-sajak Lumeho (Sajak Sunda)


Ku Ardi Mulyana H.

kalawan hate nu melas
kulincir angin mepende ku hiliwir
sinari rasa nu nyeblak lumpat nyagak
netela hiji harti nu kacida tunggara
ka mana rek cumarita?
lian ka Anjeun nu kawasa
ieu sajak lumpat lumeho
tina ngaji kanu diri

Garut, 2011

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer