Nu Geulis Raket Kinasih (sajak Sunda)


Ku Ardi Mulyana H.

nu geulis lulumpatan mawa kamelang
ngudag rasa nu estu marandang
lir saperti kaya ibun herang boborelakan sorangan

nu geuls ulah ringrang
ieu akang keur nyuprih pangarti 
salawasna lir ibarat angin lebak nebak kana raray

ieu sajak, akang nungtun kana diri
ngaji rasa pikeun sajati
nu kaya saperti koceakna guludug di langit nu hieum

dagoan geulis sakeudeung deui akang balik
mentrang carita tresna nu kungsi dijait di sisi laut pemengpek
sok najan guriang sagede gunung,akang moal tambelar

Garut, 2011

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer