sasieur sajak sunda


sasieur sajak sunda

ku 
Ardi Mulyana Haryadi

tapi lamun panon poe ragrag cahyana ka marcapada
kayaning waktu anu lingsir ngadahup sajeungkal tina pirambut salira
heh, nya kitu deui samar kecap pikoredaseun kana acining ati nu ngajati dina harti
dina sawatara bentang gumujeng enggoning na lamunan
reup bray, reup bray, paneunteu nu burahayna lir ibarat wulan opat welas tinggalebray
gulungkeun ieu sajak ku pameunteu anjeun
dina mangsa piwuruk teu kirang ti kuring ka anjeun
nyai, ulah rek baeud, angin tinggilisir, daun tingkorosak
ulah rek jumawa miceun kaasih nu waas tenjona, nu gagas raheutna
ayeuna kahayang teu kacumponan nu baheula dimumule
ayeuna ngan ukur tumpur kasered caah
kiwari, ngan ukur beja
anjeun di mana, anjeun di mana
nyesakeun carita nu kungsi raheut pageuh kaya saperti leugeut dina rokrak
heh, dangdaunan tinggurupay ningali mayapada kumelendang sorangan
ngahiuk kahimpe tina langit garut turun kahayang
bareto jeung ayeuna sarua tenjona

Garut, 2013

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer