Haiku-haiku Hejosuku (kumpulan haiku basa Sunda)



Haiku-haiku Hejosuku
(kumpulan haiku basa Sunda)













Ardi Mulyana H.


bubuka 

Aya sebabaraha pamadeugan simkuring tina haiku-haiku Sunda ieu nu rek dipintonkeun. Salah sahijina nyaeta netelakeun kalungguhan basa Sunda. Simkuring dina antawis eta oge hayang ngamumule sastra Sunda nu kacida geus jarangna. Ku kituna, sintreuk sinareng panyawad mugia diantos keur kamajuan tulisan simkuring ieu. Satadina mah ieu naskah bade dibukukeun mung harese wae sareng pajurawet prosesna. Atuh teu aya salahna simkuring mintonkeun ieu naskah nu ditulis simkuring di dangeut salse mangsa sakola di SPs Linguistik UPI. Ari salse tos kuliah, nulis deui, nulis deui. Pami tos gentos jadwal, der nulis, pami tos kaluar kelas, der nulis. Nu matak teu heran ieu naskah ditulis di Kampus Bumi Siliwangi. Oge teu hilap ngahaturkeun nuhun ka Prof. A. Chaedar Alwasilah, Ph.D. anu ngadukung simkuring pikeun nulis, nulis, nulis, jeung nulis. Nya atuh bral wea ning "haiku-haiku" basa Sunda nu dipikahayang ieu teh. Mugia mangpaat sasieureun sabeunjeureun. Cag!






                      Pun Panulis, Bandung 2011



Ardi Mulyana Haryadi


Gulusur

Naha kumaha
Pipikiran anjeun teh
Har, beut kitu ah



















Kudawet

Ka mana atuh
Duh raray salira teh
Buricak burinong
Mantog

Manusa iraha
Ulah wae balaga
Kaburu paeh



















Nyeureud

Tah sungut salira
Talian ku rapia
Pabeulit wae
Salempang

Neng ulah ring rang
Kuring masih araya
Tah na hate neng



















Gebrus

Kamari kuring
Balik ti imah anjeun
Ayeuna bogoh
Parawan

Bongana geulis
Hate kuring prus pris
Teh akang bogoh



















Dudunya

Ti isuk jeder
Nepi ka burit jedur
Iraha sholat?
Bulantok

Aya bulan neng
Geuwat ala ku hate
Tok toroktok tok



















Huleng

Ngalamun meureun
Engke oge ngalaman
Ulah salempang
Tiung

Ditiung hade
Sangkan katenjo geulis
Duh kabogoh



















Sifa

Basa eta teh
Pinanggih di sawah
Eh beut geulis ning
Panyair

Kamari kuring
Sakola jadi guru
Eh panyair ning



















Murukusunu

Kahatur bapa
Anu boga jabatan
Iraha damang?
Adeboy

Cau jerona
Amis pisan karasa
Ma, hayang deui!



















Dodol

Ieu amis tah
Asli buatan garut
Nya dodol garut
Wok

Ma, aya niwok
Reuk meulikeun uyah
Har beut asin



















Surem

Na tangkal awi
Aya jurig jarian
Tah ublag-ublag
Pamajikan

Aduh kayungyun
Pamajikan kuring teh
Kumaha salaki



















Siah

Kaditu nyingkah
Ulah malaan runtah
Ah halah-halah
Gudawang

Bongana atuh
Ulin jeung tresna asih
Nyeuri tah hate



















Abus

Rumaos abdi
Atuh jadi tigebrus
Gilisir gilincing
Ngablak

Tuh panto hate
Muka geura ditutup
Ku cara kawin



















Bear

Bersihan getih
Dina hate manusa
Ulah rek balaga
Garut

Gunung nu arendah
Leuwi nu jarero di
Garut gerenah



















Garut II

Baseuh ku ibun
Wanci janari leutik
Geura tuturubun
Mabok

Sakali mabok
Dua kali ngarampok
Tah jelema rewog



















Haiku

Di jepang haiku
Di garut hejosuku
Murukusunu
Haiku II

Mangsi nu nulis
Raray geulis ku haiku
Har ni gumeulis



















Sampulur

Hadena rupa
Ditambah harta banda
Aduh kayungyun
Salira

Na rek ka mana?
Can kawin wae geus kitu
Teu bisa sabar



















Cumarita

Naha teu cukup
Kanyaah nu rongkah teh
Kalah balaga
Sasab

Tuh di dinya teh
Aya dunya nu rongkah
Kade tileum

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer