Kalakay nu Mapay (sajak sunda)


Ku Ardi Mulyana H.

kapungkur nu awis tepang
kiwari teu unggeuk datang
kalah mere beja nu teu ilahar

kayaning samagaha dina sabudeureun bulan
kahatur kakasih
nu unggut kalindungan gedag kaanginan

seja mere tetela acining rasa nu mengrupa seuseupahan
nu matak kateuhak kana tikoro
nya oge hate

kakasih ulah rek pundung
urang nyalindung dina beuteung indung
nu baheula medalkeun urang duaan ka marcapada

kakasih, di bumi alam panonpoe patingplentrang
nyentangan sakabeh makhluk nu ngageugeuh ieu marcapada
ajar meneng, naun harupat nu kudu dijampe deui?

lain harti sawatara pangarti nu moal jadi
lain heman nu matak ngaraguhala kana manah
duh kakasih kuring estu soneo

melang ka anjeun ti bareto
ti bareto nu aya nyagak dina jungkrang hate
kakasih, ulah daek pundung

Garut, 2012

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer