Elmu Hirup (sajak sunda)


Ardi mulyana H.

peuting ieu,
lazuardi garut masih bisa seuri
sabab jalma sare dina waktuna
teu lain yen eta salah sahiji kaagungan-Na

hayu nyieun bulan dina waktu beurang
hyu nyieun panonpoe dina waktu peuting
teuleuman jeung talungtik ku hate
kuring moal loba cumarita:

samalangsa, burahay nu taya rupa
sinareng gumujeng mega nu ngagantung
di horison garut, naha?
sabab sajak ieu patingburusut

Garut, 2011

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer