Lima Sajak Sunda Ardi Mulyana H.

Baramaen
Ardi Mulyana H.

Kahatur jalma
Nu euyeuk dina papaes kahirupan
Padahal lain kitu kahayangna mah
Tapi da ari nasib laku lampah masih panjang
Lir ibarat walungan ngagulidag ngalir taya eureun

Garut, 2011

Berebet
Ardi Mulyana H.

Baheula,
Mangsa usum keueung
Di pileumbureun
Kuring lumpat ngaberebet tarik
Ngungudag impian
Nu baheula kungsi dipiharep
Kaya saperti daun-daun pineus
Katebak angin tunggara

Garut, 2011

Wanaraja
Ardi Mulyana H.

Taneuh nu baseuh
Ibun nu ngeclak
Angin nu mepende raga
Lumpat mawa carita
Ngoleab ngahiliwir tiis kanu ceuli
Dina kamelang
Dina katineung
Moal daek mopoho
Dina impenan
Dina kanyataan

Garut, 2011

Sajak Budak
Ardi Mulyana H.

Ieu sajak
Lain datang tina batu
Tapi datang tina manah
Manah anu raheut ku kasedih tuh hianat manusa
Tapi ke heula
Titenan ku anjeun, yen anjeun sarua jeung kuring
Mimiti, jadi budak heula

Garut, 2011

Nyuprih
Ardi Mulyana H.

Teang pangarti sok sanajan jauh ka cina
Memang babasan eta teu salah
Tapi anjeun salaku manusa ulah pasini
Da Gusti ngangkat harkat jalma nu miboga iman mibanda elmu
Boh di kaler
Boh d wetan
Boh di kidul
Boh di kaler

Garut, 2011

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer