Bonganna Ku Bogoh (kumpulan sajak nu sakaeling)

Ku Ardi M. H.

babad mungkas carita
aya jajaka wanoh ka mojang
lir cai ngaririncik seuseurian
ngeclak sakeclak sakeclak
kuring seja ngahuap ngahaleuang ku sajak-sajak
sangkan nertelakeun hiji kasono
tresna, datang teu mere tatalang
gek diuk na lamping hate
duh nyai, kuring boga salaksa bentang jeung tunggal wulan
kop, eta keur nyai
kuring lain si tukang panyair nu jago nyieun sajak
tisaprak, nyeuri manah kacugak cucuk tresna nu ngarancagak
kuring jadi juru kawih nu ngajerit maratan langit
ngoceak maratan bumi
har nyai denok epok cendol
dangukeun kuring rek ngawih jeung nembang:
"duh malati nu sajati
duh nyai naha deui-deui
ngarasula manah nojos jajantung
seup tiis rempu satulang sandi
ah kuring mah masih sono ka nyai"


Garut, September 2010

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer