Bulan Subuh (sajak-sajak Sunda)

Ku Ardi Mulyana H.

Bulan, nu nyondong kahoyong
dina langit nu poek tur hieum
mega nu aya
marindingan miwah haleumheum ceudeum

kaemut nyaeta koceakna cai hujan nu ngageubret
kanafsu nyaeta panon poe nu edan panas harengheng
nya atuh babalagonjangan na kameumeut
bulan, nu tingal sabeulah

kamana? Ulah waka balik
sabab langit masih keneh polos
da bintang ge arareuweuh
nu matak, kanyaah anjeun aya di mana?

Garut, 2011

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer