Sajeroning Tumiba na Ati (sajak-sajak Sunda)


Ardi Mulyana H.

Naon nu mentang na lamunan?
salian galindeng harepan
na hirup, lalampahan
ulah poho kana purwadaksi

bahasa,
bahasa cumarita liwat ibun nu kabeurangan
mibanda harti
keur panas kudu tiis

nya atuh jaman kiwari
sampulur kana tehnologi jeung pangarti
kade sing inget
ulah poho kana bahasa sorangan sewang-sewangan

garut, 2011
 ·  · Bagikan · Hapus

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer