Geura Harudang (sajak-sajak Sunda)

Ardi Mulyana H.

Hawa subuh nu tiris ngagilinding
panon-panon kahirupan geus bareunta
seja rek miara hak kawajiban salaku manusa
yen elmu tungtut dunya siar

atuh dumasar kana hal nu sayakti
miwujud kana laku lampah nu sajati
ulah sabab loba catur ti kamari
da urang hirup di jaman kiwari

garut, 2011

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer