Awi jeung Beuleum Bata (kumpulan sajak nu sakaeling)

Ardi Mulyana H.

Indit ngocepat teu nyaho mangsa
Seuseungitan jeng dangdan camerok
Ngajingjing tas jerona eye sedow
Make sapatu jangkung kawas tihang listrik

Cek beja mah gawe jadi jeneral menejer di kota
Nu loba pakaya jeng harta banda
Sing horeng si manahoreh
Balik-balik beuteungna geus beubeureuyeungan dua bulan

Garut, Juni 2010

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer