Sajak Katresna (kumpulan sajak nu sakaeling)

Ku Ardi Mulyana H.

-kanggo neng dias-

Lir cimata ngalir na kamalir ka luhur
Hiji pamohalan nu taya rupa
Seug etateh estuning duriat nu harita
Cing gek diuk hela nyai, akang dek cumarita

Basa eta, anjeun jeng kuring ngiket carita katresna
Duh endah kabina-bina
Hiber kana rohangan angkasa
Nepi ecag di pelanet jupiter

Asana moal aya bagja nu katelah na mangsa eta pacepeng-cepeng panangan
Duh nyai, akang teu tiasa jalir kana hate
Saestuna iyeu nu ngarana duriat teh
Ngagupayan dina manah

Cingan kadieu akang rek ngawih pupuh asmarandana
Tapi lain nu pituina
"Mangsa sora ngiliwir lemes, taya dunya tanya langit, karasa kana hate seseblakan lir manuk teu manggih dahar, akang asa aclog-aclogan na gawir katresna, kameumeut raray salira nu burahay cahayana, lamun panon poe tinggal poek, kadieu datang kana hate, danguken sora akang ieu, akang tresna ka salira taya bandingana, heug nyai tungguan, sakedap deui akang rek mawa kolot jeng leube niyat tapak Sunah Rosul sangkan rumah tangga nu sakinah"


Garut, Juni 2010

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer