Cangcaya, Ginding ku Dunya (kumpulan sajak nu sakaeling)

Ku Ardi M. H.

Lalaku sorangan
meumeurik kabagjaan
dunya nu teu tuah teu dosa
jadi uudagan manusa

kabeungharan nu sajati
nyaeta lain ngawujud fisik
tapi beunghar ku harti
sabab Alloh ngangkat harkat darajat nu miboga elmu jeung takwa

keur naon hirup pinuh ma'siat
ngungumpul dunya nu lain hak
nista eta siga garong
cenah keur anak pamajikan

padahal manehna
keur kukumpul
suluh-suluh
di naraka

garut, 2011

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer