Kinasih, Usum Hujan Poek Mongkleng Pinuh Halimun, Tega Lara

Ku Ardi M. H.

Hiliwirna angin liwat daun awi
keresek patingaradu
kuring nangtung nampeu tetebakna
sangkan asup kana tulang-taleng

atuh, kiwari usum teu puguh lir gulidag caah na wahangan
atuh, kiwari oge teu puguh loba budaya-budaya nu matak ngabalangsak
sok tingali, leuweung poek tinggal caang
kalah jadi halodo nu manjang

duh, angin tiis nyecep hate
di garut kuring nincak tareje
rek ka luhur ka rohangan angkasa
sakadar rek ngagorowok
"kameumeut kuring aya di mana?"

Garut, 2011

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer