Epilog Kuring na Basa Sunda

Ku Ardi M. H.

I.
Keur naon tungtung dunya/
lamun bisa diudag lamunan//
keur naon harta loba/
lamun teu boga iman//

II.
Sabab angin datang seah ngaloloho/
ulah nanya eta ti mana//
sabab melang kanyaah ulah dipopoho/
sangkan hirup pinuh ku cinta//

III.
Maca karya Rumi jeung Ikbal/
dina angin hate keur sedih//
sabab aya bumi teu kekal/
matakna kudu peurih//

IV.
Rumi ti persia/
ikbal ti pakistan//
bumi loba pasea/
sabab teu sarua jeung harepan//

V.
Shakespeare nulis hamlet/
datang ti tanah elisabet//
mun bogoh ulah saeumet/
kagok-kagok kuring kageuncet//

V.
Diwan al-Hallaj ahli tasawuf/
nulis syair ku huruf-huruf//
sok geura buku arasup/
sangkan elmu pada nyurup//

VI.
Pamajikan kuring mawa pasea/
di girang nuar tangkal jahe//
sing sabar ku dodoja/
poek lengit caang hate//

garut, 2011

catetan: sajak mangrupa jejer a-b a-b di luhur mangrupa wujud kasedih sim kuring dina mangsa nu nyaah teu mikacinta.

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer