Tumiba na Soneta (kumpulan sajak nu sakaeling)

Pun Panulis Ardi M. H.

--kanggo s.f.cahyani--

Rasa nu tumiba ti salira
kiwari kaweruh nyata
lir ibarat batu turun keusik naek
kamari embung kiwari daek

duh salira, meumeut nu pinunjul
kaasih nu agul
lain seug bae balaga
miwah tali kinasih kabeungkeut cinta

nyaeta salira nu osok dipuisikeun ku kaula
ayeuna jadi warta
yen salira mangrupa talaga

talaga nu pinuh kadeudeuh
lamun poe katinggang poek
duh, salira imut kaula aya di mana?

Garut, 2011

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer