Ngagalindeungkeun Kasusah (kumpulan sajak nu sakaeling)

Ku Ardi M. H.

Kasusah taya papada
taya tungtung sanajan na lamunan
nincak kahirupan nu patingburahay
asa cape kuring

hirup sangkan wijaksana
sok bae noroweco kana impenan
kuring, miboga cita jeung kahayang nu luhur
hayang jadi ahli basa

nu netelakeun pasualan basa manusa
tapi enyage ayeuna susah
jodo pati bagja cilaka
saha nu nyaho, iwal Gusti

lir cai ngarincik
keclak sakeclak
ninggang batu
laun-laun legok

tah kitu kuring ge
sanajan hirup loba kasusah
kuring tara cacarita ka batur
tapi leuwih tenang cumarita liwat sajak-sajak kuring sorangan

Garut, 2011

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer