Halodo II (sajak Sunda)

Ardi Mulyana H.

mungguhing rasa,
nu rumentang ti kulon ka wetan
ti kaler ka kidul
gumelar ka dunya liwat angin ti dunya hieum
nu teuaya nu teuaya kahirupan
lir usum halodo nu datang matandang

mungguhing rasa,
tambelar kana hate nu paes pinuh ku sono
ibarat kebul haliber di palataran
nun gusti nu masihan hakekat
tulungan, bumi kuring keuna halodo nu manjang

Garut, 2011

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer