Halodo IV (sajak Sunda)

Ardi Mulyana H.

pohara tarikna angin,
lir caah dengdeng teu mere beja
lamun mah dianti saban nu nganti

peuting tadi,
samagaha nembongan nutupan burahayna bulan
bulantok aya bulan sagede batok

kuring ngahaleung tembang kasono dina halodo
nu rek manjang
tugeuning anteng sorangan lir langit nu euweuh ci hujan

Garut, 2011

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer