Hiliwir Garut (sajak Sunda)


Ardi Mulyana H.

seup tiis hawa gumajak kana raga
gunung nu nalanjeur lir harepan nu luhur
sajauh panon mere titingalian
ngan kasawang ngeplak nu hejo

kahirupan sarupaning bungbuahan aramis
amis lir dodol garut nu geus kakoncara saalam dunya
atuh enya oge jeruk garut nu rek bae tumpur
teu kaya saperti domba garut nu masih nembrak

galindengana sora cimanuk
sok mawa kamelang lamun halodo manjang
nya kitu oge talaga nu halimpu
taya kadenge deui

garut pangirutan,
diamparkeun dina saheulai sajak
nu gumajak
dina hate sewang-sewang

ieu kuring anak garut
mawa hawar-hawar
yen nu seuk urang walanda mah garut teh swiss van java
kudu diriksa jeung ditata

sangkan halimpu
lir kacapi nu patingpalentring
di dieu
nya di garut

garut, 2011

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer