Halodo V (sajak Sunda)


Ardi Mulyana H.

Ngarakrak kahayang,
nu teu luyu jeung harepan
estu moal sapagodos dina manah

nya eta oge siga silaing
mungguhing teu eling-eling
lir walungan kasaatan

atuh, gilisirna angin sok mawa kamelang
dina raga nu ngahaleuang
kaya saperti uucingan anak bawang

Garut, 2011

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer