Halodo VI (sajak Sunda)


Halodo VI (sajak Sunda)


Ardi Mulyana H.

Kalih sajak,
purupuy kebul nebak ka marcapada
nu ngabugang ringkang ngolebat kalangkang
nu mana kulimis na ramo teu daek unggah

kiwari wanci nu nganti miwah hiji
kudawet gudawang ngulampreng
tilem tina implengan

halodo nu arek papanjangan
di beulah dieu cai geus haroream
nyarempod dina cukang lantaran

Garut, 2011

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer