Halodo III (sajak Sunda)



Ardi Mulyana H.

riung gunung,
hiliwir angin gumujeng turun ti luhur
mawa kamelang tur halodu nu rek manjang

riung gunung,
tambelar kana harepan
moal jadi kaulinan nu mapaes tukang tatanen

geuleubug angin,
ngudag-ngudag harepan nu aya
lir ibarat kinasih onjoy tina lamunan

Garut, 2011

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer