Tunggara nu Mana (sajak Sunda)


Ardi Mulyana H.

raheut, raheut nu mana matak nyugak?
lamun lain ngajaga galindeungna sora cai nu matak ruksak
raga cicing, simpe dina bumi alam
lir ibarat pasualan-pasualan nu matak ngarancagak

jung,ka girang
jung,ka kulon,
jung, ka kidul
jung,ka kaler

omat ulah pasini tina jangji anu sajati
sabab poe masih keneh munggaran
lelengkah halu
lir anjeun jeung kuring

garut, 2011

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer