Halodo VII (sajak Sunda)


Ardi Mulyana H.

Keur Anjeun dina balebat,
basa urang duaan
ngaiuhan di sisi jalan
sabab hujan nu pohara

kacida ayeuna garing kerontang
lir areung ngelun ngabeletrak
tur langit geus katingali hawuk

jeung anjeun basa eta
basa di laut santolo
nalikeun jangji
nu hade dihade-hade
nu ayeuna katingali rupa lir katumiri wawarehanan

atuh wanci ieu
bulan nu mana
bulan nu mana nu kamari disasate?

ku kuring jeung anjeun
tapi langit nutup pantona
teu daek nyerelek
sabab halodo di kuring di anjeun

Garut, 2011

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer