Halodo nu Mawa Kamelang (sajak Sunda)

Ardi Mulyana H.

halodo,
ngajauhan kulimisna taneuh
ibun miwah cai nu ngalir patinggilisir taya katingali
daun nu ngalaras katebak angin nu teu daek cicing
hawa nu aheng pinuh ku mangrupa keukeubulan

seah, angin nu melang nebak raray tukang panyair
cenah rek mere beja, "ayeuna halodo bakal panjang"
gunung, nya tuluy gunung nu katenjo ti beulah wetan
ngemutkeun kana kasono pun jungjunan
iraha bae rek tepang deui kakasih?

ayeuna emang halodo mawa kamelang
dibaturan angin ngageuleubug eak-eakan
lir ibarat nagara nu rahayatna kalaparan
nun gusti pangeran abdi
halodo ieu emang mawa kamelang

Garut, 2011

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer