Cek Ema Ge 4 (sajak basa Sunda)

Ku Ardi Mulyana H.


Bapa, Bapa teh tos da'wah nya?
Ujang resep gaduh bapa ajeungan


Muhun Jang, Bapa tos da'wah!
Na kumaha kitu?


Lain Pa, cek Ema naha teu mawa amplop?


Ujang, kadieu, danguken, Bapa dipasihan amplop teh ngan saukur kanggo ongkos cenah


Jadi, eta amplop ku Bapa dipasikeun ka tukang ojeg keur ongkos we


Kaharti?



Garut, Januari 2010

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer