Eh Salira (kumpulan sajak nu sakaeling)

Ardi M. H.

Tresna, nu dihuripkeun ku salira tiheula ayeuna geus pareum.
Siga katumiri pegat kababuk cemeti.
Raray salira nu kawas bentang.
Ayeuna teu jadi soal.
Kuring nenjo kana diri yen jelma teu boga.
Tapi, enyage sangsara raga hate mah beunghar ku kata jeung makna.
Salira tos teu sapagodos deui.
Katarik haliah dunya.
Inget, hirup mah moal anger.
Heup Nyai, ulah ngadagoan kuring.
Jung indit!

Garut, Agustus 2010

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer