Pituin Hirup (kumpulan sajak nu sakaeling)

Ku Ardi M. H.

Lir ibarat suung marentis di usum hujan
Seug bae manehna teu hurip di usum halodo
Naon maksad dina sawatara eta?
Si suung ngarti kana panempatan dirina

Komo deui jalma
Boga akal jeng pangarti
Estuning ngarti kana palakiah hirup sangkan hurip
Jejer carita heman manusa kudu saluyu ucap, laku, jeung lampah

Heug tenjo,
Katumiri endah dina mangsana
Mun euweuh cai
Arek kumaha

Gusti Alloh nu Maha Agung
Ges negesken yeng sagala kahirupan teh aya papadanana
Hade jeng goreng
Tresna jeung baeud

Hirup, mun melak hade tangtu hade
Hirup, mun melak goreng tangtu goreng
Sok teuleuman jeung talungtik
Yen papatah kolot moal nyalahan

Kuring simpe dina gandeng
Kuring baseuh dina garing
Kuring edan dina eling
Kuring bodo dina ngarti

Cag!


Garut, Agustus 2010

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer