Sajak Katresna 2 (kumpulan sajak nu sakaeling)

Ku Ardi M. H.

Tangkal jengjen gugupayan
Mega beureum nyalimutan
Har, angin sore aaclogan
Mapaes hate kuring nu mikasono si indung budak

Ayeuna, isukan, jeung enjing
Kuring nancep patekadan
Ngaropea tresna nu kungsi tumpur
Naha?
Ah, kuring mah jalma teu boga

Dina nenjo, ngabengbat lamunan
Narajang babasan
Bari poek ningali caang
Duh, indung budak

Gusti nu Agung,
Menta tulung pangnuduhkeun ayana di mana?
Urang mana?
Saha ngarana?

Ci mata teu daek ngeclak
Ngeclak kana manah kuring nu garing
Garing bari teu eling
Eling anu kabeurangan

Ya Alloh pangeran kuring
Kuring menta tulung
Tulung Gusti kuring
Kuring palid kabawa caah kasono taya katepi


Garut, Agustus 2010

0 komentar:

Posting Komentar

Tulisan Populer